Contoh
Talatah, Warta, Bewara
(TALATAH
1)
Lisa : Sin… Sin…kadieu heula
sakedap
Sinta : Aya naon Lis?
Lisa : Sinta balikna sore kan ?
Sinta : Muhun. Kunaon kitu ?
Lisa : Kiwari pa guru masihan tugas
nu kududi kumpulkeun isukan,ngan bukuna Tika kabawa ku
abdi.
Sinta : Teras si Tika kumaha
ngerjakeun tugasna ?
Lisa : Nah, abdi rék nalatah
pangmasihan buku ieu ka Tika.
Sinta : Oh,enya Lis. Engké ku
abdi di pasihan ka Tika.
Lisa : Hatur nuhun nya Sin.
(TALATAH
2)
Bita : Salsa…
Salsa : Eh,enya Bi. Aya naon ?
Bita : Ari si Rika sakola heunteu
?
Salsa : Heunteu Bi. Si Rika alpa.
Bita : Alpa ? si Rika téh lain
alpa,tapi teu damang.. ceunah bapana teu tiasa nganter surat ka sakola.
Salsa : Oh.. muhun muhun
Bita : Enya Sa, si Rika nuju teu
damang. Engké pang béjakeun ka sekretaris na lamun Rika téh nuju teu damang
ulah di alpakeun.
Salsa : Enya, muhun Bi
Bita : Enya Sa, muhun nya..
(TALATAH
3)
Wulan : Sil, Ningali si Fitri heunteu
?
Silvi : Tadi mah abdi ningali di kantin.
Kunaon kitu ?
Wulan : Kiwari abdi téh ngajakan
kapanggih bade nitip buku ka manéhna, soalna salila 7 poé, abdi teu tiasa
sakola.
Silvi : Naha teu sakola Lan ?
Wulan : Abdi bade dispen Sil.
Silvi : Oh kitu..
Wulan : Muhun, maksudna téh rék
talatah Sil, pangbéjakeun ka Fitri abdi teu tiasa sakola da aya acara pramuka
ti luar kota.
Silvi : Oh,enya Lan. Engké lamunkapanggih
jeung Fitri, ku abdi di béjakeun,
Wulan : Hatur nuhun nya Sil..
(WARTA
1)
Minibus
Tabrak Tebing DI Lereng Merapi
Maot nimpa hiji bus
sayur dijalur wisata Borobudur. Bus éta nabrak tebing di jalan Gunung Merapi.
Kacelakaan ieu di sebabkeun ku mobil anu dijalankeun sopir téh rem na blong.
Akibatna mobil nabrak tebing disisi kenca jalan. Aya 2 panumpang maot, sedangkeun
panumpang lianna kudu di bawa ka Rumah
Sakit.
Mung
sakitu nu kapihatur. Abdi Shinta putri nuju undur diri. Haturnuhun kana
perhatosannana.
(WARTA
2)
Nyetir Ugal – Ugalan Mawa Cilaka
Kacilakaan anu
kajadian dina kamari peuting kaping 4 Maret 2015. Hiji mobil beureum anu
disetir ku budak dibawah umur nu inisialna A-F. A-F ngandaraan mobil tina kacepatan diluhureun
120 km/jam. Mobil ieu nabrak pambatas jalan ku sabab nyetir ugal – ugalan. Dina
kajadian kasebut untungna teu aya korban jiwa. Ngan sopirna luka serius tur
masih kénéh dirawat di Rumah Sakit terdekat.
Skitu waé
warta poé ieu. Abdi Cika Aulia undur diri. Hatur nuhun kana perhatosannana.
(WARTA
3)
Pamarentah
Amerika Serikat Nolak Ijin Asupna Panglima TNI
Pamirsa, wilujeung
patepang deui sareng sim kuring Dinda Jasmine dina warta terkini.
Pamarentah Amerika
Serikat nolak ijin asupna panglimaTNI Jenderal Gatot Nurmantyo nu bakal dating ka
hiji acara konferensi di Washington DC dina 23 nepi ka 24 Oktober 2017. Namun,
dina saptu sore, saacan mangkat aya pemberitahuan nyaéta Oanglima TNI Jenderal Gatot
Nurmantyo jeung istri teu bisa asup ka wilayah Amerika Sertikat ku pihak bea
cukai jeung perbatasan Amerika Serikat.
Sakitu
warta nu tiasa kasanggakeun. Wilujeung patepang deui.Hatur nuhun.
(BEWARA
1)
Assalamu’alaikum Wr.wb
Bewara kanggo
sadaya siswa – siswi SMAN 2 Cikampek, OSIS MPK SMAN 2 Cikampek bade ngayakeun
lomba – lomba kanggo mieling poe pahlawan kamerdekaan Indonesia, aya sabaraha lomba anu bade diayakeun, di antawisna lomba
fashion show, paduan suara,musikalisasi puisi jeung réa kénéh nu lainna.
Kagiatan ieu bade di laksanakrun dina :
Waktos : Sabtu, 18
November 2017
Tabuh : 07.00 –
rengse
Tempat : SMAN 2
Cikampek
Ka sakumna kelas
diantos wawakilna tiap – tiap lomba. Hayu urang ramekeun kanggo mieling poe
pahlawan sarta ngahargaan kana jasa -
jasa pahlawan. Hatur Nuhun.
Wassalamu’alaikum Wr.wb
Panitia & OSIS SMAN 2
Cikampek
(BEWARA
2)
Dibawarkeun ka sakumna siswa –
siswi SMAN 2 Cikampek kelas 10,11 jeung 12, pikeun acara mieling hari pahlawan
anu di laksanakeun dina :
Dinten : Sabtu,
17 November 2017
Tabuh : 08.00 –
réngsé
Tempat : SMAN 2
Cikampek
Aya ogé pasanggiri anu bakal diayaleun, di antawisna :
-
Pasanggiri Pidato
-
Pasangiri Puisi
-
Pasanggiri Paduan Suara
Jeung sajabana.
Kanggo sadaya siswa – siswi SMAN 2
Cikampek anu ngiring pasanggiri, mangga daptar ka panitia atawa OSIS.
Bilih aya nu kirang jéntré tiasa di taroskeun langsung ka panitia atawa
OSIS. Hatur Nuhun.
Panatacalagara
(BEWARA 3)
Dibawarkeun
ka sadaya murid kelas 10,11,12 IPA/IPS SMAN 2 Cikampek, OSIS MPK bade ngayakeun
lomba – lomba. Ieu lomba diayakeun dina raraga miéling hari pahlawan. Lomba –lomba
na di antawisna :
1. Lomba
paduan suara
2. Lomba
maca puisi
3. Lomba pidato,jsb.
Lomba –
lomba anu di sebatkeun diluhur, bade dilaksanakeun dina :
Waktos : Senin, 20 November 2017
Tabuh : 08.00 – réngsé
Tempat : SMAN 2 Cikampek
Murid – murid anu bade mgiringan
tiasa daptar ka panitia. Sakitu beware ti panitia
lomba. Hatur Nuhun.
Panitia
Ketua OSIS